Powered By Blogger

Jumat, 28 Januari 2011

kEgiatan wiTh plenD di "CURUG SERIBU GUNUNG SALAK ENDAH" Bogor

Ulin di leuweung

   Ieu kagiatan nu di pikaresep ku uing jeung babaturan, ulin ka leuweung terus meting oge di leuweng, mun keur karumpul pasti ngajakanna kemah di tempat anu masih alami, ka beneran di Bogor teu hese neangan tempat nu masih alami contona d kawasan Gunung Salak Endah (GSE).

     Teu jauh-jauh teuing ti padumukan uing jeng babaturan ari ka GSE sering oge ngadon ngendong di dinya (kemah), di GSE seueur tempat pariwisata anu masih alami tur ka rawat. salah sahiji tempat nu ku uing di pika resep nyaeta Curug Seribu.

     Mun ka dinya teh matak pika betaheun, kaayaan alam nu masih asli, oge udara jauh ti polusi, mun cek kolot tea mah "herang mata tiis ceuli"

     Nu datang teh ka curug seribu timana-mana, boh nu ti Bogor atawa ti kota sanesna, sakaur nu datang ka dinya teu kecewa, alatan tempat na nu pi endahn tur masih alami.


Coromods . dok. Andi Coromods @Curug Seribu GSE Bogor


iYeu sa keudik pamandangan di Curug Seribu sareng kagiatan uing jeung babaturan,,,,,,,



>Di tenda< @ nGudud + ngopi ::::::

tEnda berJejer

nAheur cai wat ngUpi


Ka Curug na YUK !!!!!

Kaayaan jalan masih alami >








curug nu aya di perjalanan ka Curug Seribu


Panorama nu pika endaheun..................








ajiiiibbbbbbbbb....................







Tah iye Gurug Seribu teh.................
Curug Seribu Gunung Salak Endah Bogor. dok. Andi



Curug Seribu GSE Bogor. dok. Andi


Curug Seribu GSE Bogor . dok. Andi @ coromOd



tiRiss....@Curug Seribu GSE Bogor . dok. Andi @ coromOd

Curug Seribu GSE Bogor . dok. Andi @ coromOd 2010

@curug Seribu..Curug Seribu GSE Bogor . dok. Andi @ coromOd


Emang teu gampang datang ka curug iyeu, tapi ka ubaran ku endahan  alam nu di tingali ................



Urang salaku warga Bogor wajib ngajaga kakayaan nu aya di Bogor..............




nEpangkeuN

BiOgRafi

   Punten ah ka Sadaya mun aya kakurangan ti uing ....ngoMong ge uing mah 'sunda kulon' (kasar). mun aya nu salah nu poho atawa hapunten..

Uing teh ayaran belajar nyien bloG jd kurang apal kumaha cenah iye ngagarapna....

Uing asal ti Bogor,,lahir d Bogor,gede ge di Bogor  ,,,,,,, salila iyeu jadi jalma pojok teh katinggalen pisan ku teknologi nu siga kiyeu (internet),,maklum da di pojok...di sebut urang Bogor tapi k kantor pamarentahan Kab. Bogor, jauh piasan,,,3 jam perjalanan dina motor...duka mun dina mobil mah da teu boga mobil uing mah..
 naha cenah hayang boga blog,,,> apanan uing ge hayang belajar,,,, mun teu belajar mah atuh moal tiasa da teu aya nu ngajarken na ge,,,

  uiNg  lahir di Bogor tanggal 18 bulan 10 taun 1985,,, bUjangan  nu lahir ti kaluarga kuli tani, tapi uing jadi semangat tina latar keluarga eta uing hayang jadi jelema nu teu siga kolot uing, nu gawe sataker polah melaan anak supaya ulah siga kolotna gawe cape,mun cek kasarna "kesang ka bujur-bujur" melaan anak supaya sakola...

naH, uing sakola lulus SD taun 1998,lanjut ka SLTP lulus taun 2001, lanjut ka SMA lulus 2004,lanjut ka D2 PGSD lulus 2006,,,alhamdullilah ayeuna ker neruskeu ka S1 bari empod-empodan ge da rumasa teu gaduh biaya..uhg gening sesah pisan hayang jadi jalema sukses teh,,,,komo di barengan ku kaayan serba kacepit siga uing,,,,

Riwayat Sakola :
  • SDN 1 Cibungur Lulus 1998
  • SLTPN 3 Cigudeg Lulus 2001
  • SMAN 1 Cigudeg Lulus 2004
  • STAI Laa Roiba D2 PGSD 2006
  • Universitas Terbuka Bogor (Smt 7)
Riwayat Pagawean :
  • Stap pengajar di SDN 1 Cibungur Kec. Cigudeg Bogor ti taun 2005 dugi ka ayeuna
  • Stap pengajar di MTs Sabilil Muttaqin  Cimapag Kec. Cigudeg Bogor ti taun 2007  dugi ka ayeuna

""OMAT KA SADAYA MUMPUNG URANG JAGJAG HAYU TERUS BELAJAR,DA TEU AYA ELMU NU BAKAL NGURANGAN MUN KU URANG DI PASIHKEN KA NU LAIN,,BEDA JENG DUIT, DA MUN DI BIKEN KA BATUR MAH PASTI NGURANGAN"",,,,        hapunten

nyuhunkeun pidu'a na wae ti sadaya supaya abdi sina cepet rengse sakolana,,jeung pikeun kabehan supaya ulah bosen belajar,,,belajar naon wae lah nu positif manfaatna,,,,,,