Powered By Blogger

Jumat, 28 Januari 2011

nEpangkeuN

BiOgRafi

   Punten ah ka Sadaya mun aya kakurangan ti uing ....ngoMong ge uing mah 'sunda kulon' (kasar). mun aya nu salah nu poho atawa hapunten..

Uing teh ayaran belajar nyien bloG jd kurang apal kumaha cenah iye ngagarapna....

Uing asal ti Bogor,,lahir d Bogor,gede ge di Bogor  ,,,,,,, salila iyeu jadi jalma pojok teh katinggalen pisan ku teknologi nu siga kiyeu (internet),,maklum da di pojok...di sebut urang Bogor tapi k kantor pamarentahan Kab. Bogor, jauh piasan,,,3 jam perjalanan dina motor...duka mun dina mobil mah da teu boga mobil uing mah..
 naha cenah hayang boga blog,,,> apanan uing ge hayang belajar,,,, mun teu belajar mah atuh moal tiasa da teu aya nu ngajarken na ge,,,

  uiNg  lahir di Bogor tanggal 18 bulan 10 taun 1985,,, bUjangan  nu lahir ti kaluarga kuli tani, tapi uing jadi semangat tina latar keluarga eta uing hayang jadi jelema nu teu siga kolot uing, nu gawe sataker polah melaan anak supaya ulah siga kolotna gawe cape,mun cek kasarna "kesang ka bujur-bujur" melaan anak supaya sakola...

naH, uing sakola lulus SD taun 1998,lanjut ka SLTP lulus taun 2001, lanjut ka SMA lulus 2004,lanjut ka D2 PGSD lulus 2006,,,alhamdullilah ayeuna ker neruskeu ka S1 bari empod-empodan ge da rumasa teu gaduh biaya..uhg gening sesah pisan hayang jadi jalema sukses teh,,,,komo di barengan ku kaayan serba kacepit siga uing,,,,

Riwayat Sakola :
  • SDN 1 Cibungur Lulus 1998
  • SLTPN 3 Cigudeg Lulus 2001
  • SMAN 1 Cigudeg Lulus 2004
  • STAI Laa Roiba D2 PGSD 2006
  • Universitas Terbuka Bogor (Smt 7)
Riwayat Pagawean :
  • Stap pengajar di SDN 1 Cibungur Kec. Cigudeg Bogor ti taun 2005 dugi ka ayeuna
  • Stap pengajar di MTs Sabilil Muttaqin  Cimapag Kec. Cigudeg Bogor ti taun 2007  dugi ka ayeuna

""OMAT KA SADAYA MUMPUNG URANG JAGJAG HAYU TERUS BELAJAR,DA TEU AYA ELMU NU BAKAL NGURANGAN MUN KU URANG DI PASIHKEN KA NU LAIN,,BEDA JENG DUIT, DA MUN DI BIKEN KA BATUR MAH PASTI NGURANGAN"",,,,        hapunten

nyuhunkeun pidu'a na wae ti sadaya supaya abdi sina cepet rengse sakolana,,jeung pikeun kabehan supaya ulah bosen belajar,,,belajar naon wae lah nu positif manfaatna,,,,,,

Tidak ada komentar: